"Pepeling"
Geulis , kasep anaking anak abah, kadeudeuh jeung kanyaah abah ka hidep moal le'eh kapanasan, moal luntur kaibunan, moal la'as kahujanan, maraneh kabanggan jeung puputon abah. Abah tara pegat ngadu'a mementa ka AnjeuNa sangkan hirup maraneh salamet tur bagja dunya jeung acherat, rumah tangga harmonis, cukup sandang, pangan jeung papan, sakinah, mawaddah warohmah saperti nu kaunggel dina Al-Quran: Ar-Room (30:21)
وَمِنْ آيَاتِهِ أَنْ خَلَقَ لَكُمْ مِنْ أَنْفُسِكُمْ أَزْوَاجًا لِتَسْكُنُوا إِلَيْهَا وَجَعَلَ بَيْنَكُمْ مَوَدَّةً وَرَحْمَةً ۚ إِنَّ فِي ذَٰلِكَ لَآيَاتٍ لِقَوْمٍ يَتَفَكَّرُونَ
Wamin ayatihi an khalaqa lakum min anfusikum azwajan litaskunoo ilayha wajaAAala baynakum mawaddatan warahmatan inna fee thalika laayatin liqawmin yatafakkaroona
Dan di antara tanda-tanda (kebesaran)-Nya ialah Dia menciptakan pasangan-pasangan untukmu dari jenismu sendiri, agar kamu cenderung dan merasa tenteram kepadanya, dan Dia menjadikan di antaramu rasa kasih dan sayang. Sungguh, pada yang demikian itu benar-benar terdapat tanda-tanda (kebesaran Allah) bagi kaum yang berpikir.
Anaking anak abah, abah menta hampura lantaran teu bisa nyenangkeun jeung ngamumule hirup maraneh, lantaran kapegat ku batas kasanggupan abah jeung indung maraneh boh dina elmu kahirupan komo deui dina harta pakaya.
Sakapeung abah mindeng ceurik barilihan ari inget mangsa katukang yen abah teu bisa nyumponan sagala kahayang maraneh, abah hayang ngulang deui jiga baheula, jalan kaditu kadieu bareng jeung maraneh nyumponan sagala kahayang maraneh... tapi waktu mah teu bisa di puter deui nya.
Tapi mun dipikir deui dibandingkeun jeung pangalaman abah waktu keur budak, maraneh kabeh mah masih leuwih bagja lantaran masih katungkulan kunu jadi bapa, gede leutikna masih keneh aya nu merhatikeun.
Kudu bisa syukur ni'mat ka Pangeran gusti Alloh SWT...
Kukituna abah mere pepeling keur maraneh kabeh sangkan ulah laku lampah jiga abah nu kudu nincak salah heula tuluy ngabebener deui, leuheung mun aya keneh umur keur ngabebenerna. Ngahaja pepeling ti abah ditulis didieu, lantaran bisi abah kaburu dipundut kunu kawasa , pan ari umur mah teu nyaho iraha mangsana, numatak urang kudu siap iraha bae di pundut ku Anjeuna, tapi ulah dipenta - penta jeung ulah oge di embung-embung.
Ngarah urang siap iraha bae, hirup urang kudu bener ti ayeuna jeung kudu nyiapkeun bekel keur balik ka acherat, maraneh sing inget ! ulah sok ninggalkeun kawajiban anu 5 waktu (sholat) jeung sunahna kitu deui ulah nurutkeun hawa nafsu, pikiran, perasaan jeung sajabana.
Ngan parentah Alloh nu kudu jadi landasan sagala tindakan dohir jeung batin (Landasan urang Alqur'an jeung Hadist).
Ngan parentah Alloh nu kudu jadi landasan sagala tindakan dohir jeung batin (Landasan urang Alqur'an jeung Hadist).
Urang kudu nyaho yen hirup urang teh dijadikeun khalifah ku Alloh SWT, sakumaha nu kaunggel dina Al-Quran : Al-Baqara (2:30), anu eusina :
وَإِذْ قَالَ رَبُّكَ لِلْمَلَائِكَةِ إِنِّي جَاعِلٌ فِي الْأَرْضِ خَلِيفَةً ۖ قَالُوا أَتَجْعَلُ فِيهَا مَنْ يُفْسِدُ فِيهَا وَيَسْفِكُ الدِّمَاءَ وَنَحْنُ نُسَبِّحُ بِحَمْدِكَ وَنُقَدِّسُ لَكَ ۖ قَالَ إِنِّي أَعْلَمُ مَا لَا تَعْلَمُونَ
Waith qala rabbuka lilmalaikati innee jaAAilun fee alardi khaleefatan qaloo atajAAalu feeha man yufsidu feeha wayasfiku alddimaa wanahnu nusabbihu bihamdika wanuqaddisu laka qala innee aAAlamu ma la taAAlamoona
Dan (ingatlah) ketika Tuhanmu berfirman kepada para malaikat, "Aku hendak menjadikan khalifah di bumi." Mereka berkata, "Apakah Engkau hendak menjadikan orang yang merusak dan menumpahkan darah di sana, sedangkan kami bertasbih memuji-Mu dan menyucikan nama-Mu?" Dia berfirman, "Sungguh, Aku mengetahui apa yang tidak kamu ketahui."
Kudu
bisa naekan jeung nerapkeun 5 elmu ki SUNDA
- Elmu Saepi
Ilmu
SAEPI lain kudu bisa ngapung tapi kudu saepi (sae pikiran) cerdas, inovatip tur
kreatip.
- Elmu Napak
Sancang
Lain kudu fdsfndsnf knklndlkf
dkfjkljfk kjlkgjfkdl klkkl kldflkffndkl knfnkjdsvuh kjkh hkjhj nkjhj kjkk kjk
- Elmu Kebal
Lain kudu Lain kudu fdsfndsnf
knklndlkf dkfjkljfk kjlkgjfkdl klkkl kldflkffndkl knfnkjdsvuh kjkh hkjhj nkjhj
kjkk kjk
- Elmu Rawa
Rontek
Lain Lain kudu fdsfndsnf knklndlkf
dkfjkljfk kjlkgjfkdl klkkl kldflkffndkl knfnkjdsvuh kjkh hkjhj nkjhj kjkk kjkkudu
- Elmu Halimun
gdhsg Lain kudu fdsfndsnf
knklndlkf dkfjkljfk kjlkgjfkdl klkkl kldflkffndkl knfnkjdsvuh kjkh hkjhj nkjhj
kjkk kjkdhsdghds
Abah hayang boga anak anu jadi pamingpin di nagara ieu atawa jadi pengusaha anu sukses tapi abah leuwih hayang boga anak anu soleh jeung soleha, iman anu teguh, ta'at ibadah na, laku lampah ngeunteung kana parentah Alqur'an jeung Hadist.... ......
....................................................................masih akan dilanjutkan......................................................
" TASAWUF "
Hartina elmu Tasawuf / Tasawwuf atawa Sufisme (bahasa arab ; تصوف) nyaeta elmu kaalusan, kalemesan, nyaeta kalemesan lampah, badan jeung lampah hate supaya meunang kabagjaan nu abadi, sakumaha anu disebut dina HIKAM (Al-Hikam merupakan salah satu kitab tasawuf yang ditulis oleh seorang ulama besar dan guru sufi bernama SYAIKH AHMAD ibn MUHAMAD ibn ATHA'ILLAH as-SAKANDAN).
Ari nu dipandang, ngajauhkeun kamasiatan jeung ngudag karidoan Allah SWT, nyaeta lampah dina Toatillah hirup dina karendahan, masing bisa nepi kana ngabogaan itikad ; urang ajang batur, lain batur ajang urang, nyakitu deui dina miharep ka Allah SWT ; Urang ajang Allah SWT lain Allah SWT ajang urang.
Jadi ngaleungitkeun pamandang, pangasih Allah SWT, jeung ngaleungitkeun pamandang kahadean ti pada kaula.
Ibadah ka Allah SWT teu karana pamandang, shalat lain shalat urang, ruku, sujud, lungguh, ngadeg lain nu urang, aya kitu deui rupa-rupa puji lain nu urang.
Urang mah ngan darma, kitu oge didarmakeun deui, tutulung ka pada kaula teu karana pangarep-pangarep kana panarima. Aya dina nikmat mere, nikmat nulung, ngarasa untung lamun bisa mere, ngarasa nu rugi lamun di bere, leset tina pangakuan sagala perkara.
Ngaleungitkeun hawek – sirik - ngewa. Atoh ku untungna batur, susah ku cilakana deungeun, nya eta kudu hirup dina : badul asduka, milu suka kanu meunang bagja, milu duka kanu meunang bahla.
Jeung kudu milampah dina aqobah ; hartina resep mere kanu butuh jeung resep nulung knu keur kasusahan.
Nyingkahan sagala lampah nu matak jadi fitnah, atawa kapangaruhan ku deungeun, ngaleungitkeun sangka goreng, ngahina ka batur, ngalindih kana pangarti atawa pangabisa jeung panemu deungeun.
Nenjo ka batur ngan nenjo kana kahadean bae, jeung ngomongkeun batur ngan ngomongkeun hadean bae, nyangka ka batur ngan nyangka kana hadean bae.
Sorangan ngarasa dina kakurangan, katunaan, kabodoan, kalaipan jeung kacacadan.
Hayang dipiasih ku jalma lantaran miheulaan asih, kudu resep ka kabeh jalma. Hanteu nyeri di upat, hanteu ngarasa untung dipuji jeung teu ngarah pamuji, malah kudu ngarasa rugi lamun meunang pamuji.
ANU JADI POHO KANA ELMU TASAWUF, nyaeta ;
1) Sakabeh jalma pada ngabogaan hade jeung goreng. Naon bae nu ku urang diteangan moal teu kapanggih. Neangan kana kahadeannana bakal kapanggih kahadeanna, neangan kagorenganna bakal kapanggih kagorenganna.
· Tur leuwih gampang manggihkeun kagorengana, sabab kalawan dibantu ku syetan. Ari kana kahadean anu aya di batur mah bandana manusa lantaran pangajak nafsuna hayang nutupan bae hayang nyumputkeun bae. Kagorengan di batur aya di urang asal ku urang disasar kalawan adil.
· Ari jalma ngarasa dirina leuwih mah, moal bisa ngarasakeun kana kagorenganna atawa kakurangan dirina. Jeung ari jalma nu ngaji tasawuf mah tara resep papaduan, parebut bebeneran, saperkara matak ngajadikeun fitnah nyaeta papaseaan jeung sakabeh jalma oge ngakukeun boga bener jeung hayang bener sorangan bae, tur saenya-enyana mah euweuh anu ngabogaan bener lian ti Alloh SWT. Innallaha ‘alamul ghuyub, hartina mung Alloh nu uninga kana anu gaib (cacadna hiji-hiji jalma). Sabab tenjo jeung denge urang mah ari teu nyekel elmu lelenyepan mah, salawasna ngan salah bae, karana tenjo jeung denge nafsu, kulantaran bandana jalma ngabogaan amarah jeung loamah.
· Lamun paeh/leungit amarah jeung loamah timbul sawiyyah jeung mut’mainah, kakara urang bisa tetep anteng dina ni’mat tangtu hate tiis jeung tibra salawasna.
2) Kabeh jalma sarua pada umat Alloh sarta sarua kakasih Alloh, pada ngabogaan badan, hate, nyawa rasa jeung arod basyariyah.
· Hanteu pernah umat ngahina ka umat deui, hanteu pernah dadamelan ngewa ka dadamelan deui. Sakabeh umat oge hirupna ku ngambekan jeung barang dahar jeung nginum nu nyegerkeun kana badanna.
· Gelar na sarua, paeh na sarua, beunghar na lain ku dirina, malarat lain kudirina, nu matak teu pernah jalma ngabogaan sirik, ujub – ria, sumah jeung takabur.
· Cilaka lain kahayangna, bagja lain pagaweanana, nu matak teu pernah atoh ku cilakana batur, susah ku bagjana deungeun.
· Itikad urang kudu ngarasa kabeh manusa dulur urang sa-indung sa-bapa, nyaeta sa asal, sa jalan, sa maksud sa pangabutuh, sapapait samamanis.
· Wajib urang silih tulung, silih pikanyaah, silih asih, silih jait, silih jungjung,
· Ku sabab Gusti Alloh adil jeung rata asihna kasakabeh umat, hakekatna antero manusa oge sarua bae. Kumpulna pangasih Alloh ta’alla nye eta dina hate jeung rasa.
· Hate tempat amanattillah, rasa wadah rochmat ni’mat nya eta Ladat ti dunya nepi ka akherat.
· Kari tergantung kana tina pamolahna masing-masing manusa, bisa hanteuna ngabogaan hate soleh (atawa leuwih tikitu) jeung bisa hanteuna papanggih jeung eta Ladat.
· Lamun urang teu ngabogaan hate soleh jeung teu papanggih jeung eta Ladat, lain Alloh anu teu adil tapi urang anu dolim.
· Ari beda-bedana rejeki jeung undak usukna kelas masing-masing manusa mah, eta mah ngan ukur rarangken bae nu leuwih geda mahalana tibatan rahayuna jeung ngan pikeun panggoda kana iman bae, pikeun karamean dunya dina sawatara waktu.
· Eta sakabeh oge timbulna tina ;
a. Rochmat
b. Qudrat Irodat Alloh jeung tina adilna kalawan Fadolna Alloh, nyaeta aya tina siksaan naraka jeung ganjaran sawarga sabab sawarga jeung naraka kudu aya eusina.
b. Qudrat Irodat Alloh jeung tina adilna kalawan Fadolna Alloh, nyaeta aya tina siksaan naraka jeung ganjaran sawarga sabab sawarga jeung naraka kudu aya eusina.
· Rarangken manusa di dunya, kayaning banda, kapangkatan jeung salianna euweuh faedahna pikeun acherat, anu berfaedah pikeun acherat mah ngan ; Islam, Iman, tauhid jeung ma’rifat bae.
· Kusabab eta rarangken dunya teh ibarat haseup bae, euweuh tumempelna kana badan jeung teu nyamarkeun kana kaadilan Alloh SWT, sabab adil jeung faddol Alloh SWT gegedena mah bagian acherat, ngan didunya urang dipasihan hate jeung rasa pikeun nyandangan kaadilan jeung ka faddolan Alloh SWT tea engke di acherat.
3) Bandana manusa silih tuding, lantaran tina sirik.
· Nuding senang ka batur lantaran teu bisa ngarasakeun kasenangan sorangan, sok nenjo kana untungna deungeun bae, ari rachmatna dina dirina anu sakitu ngagebregna, teu dirasakeun, teu di tarimakeun jeung teu di syukurkeun.
4) Bandana manusa sok Licik, bisa sorangan
· Embung nulung ka batur, tapi manehna ngarepkeun pertulungan ka batur, embung mere tapi haying di bere, embung di upat tapi sorangan resep ngupat ngomongkeun batur ( abong kena teu modalan ) embung di hina tapi sorangan resep ngahina.
5) Bandana manusa taya panarima
· Ari keur boga maksud, sok butuh ku pertulungan batur, ari geus laksana mah tara inget-inget acan kana pertulungan batur deui.
6) Bandana manusa sok ngarasa unggul ti batur lantaran kabodoannana
· Sabab manusa teh beuki elmuan beuki ngarasa dirina Laip. Buktina sok tuman dina silih cawad, lantaran pada ngarasa diri leuwih tea. Ari saenya-enyana pisan pada euweuh nu nyaho kana kaayaan dirina pribadi, sumawon di kaayaan diri batur.
7) Bandana manusa sok hayang senang jeung seubeuh sorangan, kajeun batur engap-engapan asal sorangan bae senang jeung seubeuh, ingetannana hirup wungkul pikeun dirina pribadi.
8) Bandana manusa sok nyokot kaunggulan dunya, tara milih kaunggulan acherat, lantaran katungkul ku dunya jeung teu boga angkeuhan baris paeh, teu inget atawa teu ngarti bedana dunya jeung acherat, bedana rachman jeung rachim, inget jeung sieun paeh teh ngan dina ucapan wungkul.
· Hirup urang keur ibadah, teu guna urang lamun hirup teu ibadah, nyaeta pikeun ibadah ka Alloh SWT jeung ibadah ka papada kaula, Ari rupana ibadah ka pada kaula, nyaeta ku rupa-rupa kahadean, ku rupa-rupa pertulungan jeung pang du’a, ku budi basa nu alus, tingkah polah nu lemes, hanteu tinggal tina adab-adaban kalawan rendah badan rendah hate.
· Demi aturan nulung ka pada kaula ku tilu rupa jalan :
a) Duit atawa banda
b) Tanaga
c) Lisan
· Tina urang dipaparin akal, elmu, pamilih jeung rejeki lain pikeun sadirieun urang bae tapi pikeun nulung ka pada kaula, sabab nyieun kahadean kapada kaula eta hakekatna ngabakti ka Alloh SWT.
· Jeung teu kurang-kurang rejekina umat, moal kurang lantaran dipake mere atawa nulung, malahan tinimbang ngurangan anggur nambahan, teu kanyahoan timana datangna jeung dina naon tumapelna, tara kacipta atawa kaitung ti awalna jeung sok tara di tarimakeun,sabab;
اللَّهُ لَطِيفٌ بِعِبَادِهِ يَرْزُقُ مَنْ يَشَاءُ ۖ وَهُوَ الْقَوِيُّ الْعَزِيزُ
(Allahu lateefun biAAibadihi yarzuqu man yashao wahuwa alqawiyyu alAAazeezu)
Allah Mahalembut terhadap hamba-hamba-Nya; Dia memberi rezeki kepada siapa yang Dia kehendaki, dan Dia Mahakuat, Mahaperkasa. (Surat Ash-Shura ayat : 19)
· Tina asih-asihna Alloh ka umat, rejeki teh sulap selip dina sagala perkara, lawangna rejeki euweuh wiwilangna tina sifat Alloh Al-Lathif (“yang mencapai tujuannya dengan cara yang sangat tersembunyi atau tak terduga”). Ringkesna bae maksudna Tasawuf teh nyampurnakeun ibadah ka Alloh, boh lahirna boh batin na.
Dina tasawuf aya 10 rupa kamasyatan nu di cegah jeung 10 rupa lampah to’at nu diparentah ka pangkat mumin, lampah tanpa marengan jeung sabeunang-beunang ngaleungitkeun tabe’at, tabe’at kamanusaan anu di tataan tadi.
BAB KAMASIYATAN
Sakumaha nu kaunggel dina kitab al-Arbain fi Ushuluddin karangan Imam al-Ghazali.
- Sarhuttoami
- Sarhulkalami
- Ghadab
- Hasad
- Buhul Wahubbul Mali
- Hubbul Jahi
- Hubbud Dunya
- Kibir
- Ujub
- Ria Wasum’ah
1. Sarhuttoami
Resep kana ngalobakeun barang hakan, teu ngingetkeun yen barang hakan teh maraban nafsu, sabab segerna badan matak nambahan nafsu. Ngeret kana barang hakan hartina ngeret nafsu.
Faedahna ngeret barang hakan ;
- Padang hate
- Lemes hate
- Bisa ngarasakeun
- Inget jeung rumasa kana dosa jeung kana siksaan acherat
- Ngurangan syahwat
- Enteng kana Sholat tahajud, nyaeta matak ngurangan sare jeung nguatkeun kana sagala lampah ibadah
- Bisa ngalakonan sedekah, barang bere ka nu butuh tegesna matak bisa loamahtangan = social sabab aya sesa keur batur.
2. Sarhulkalami
Resep kanu ngalobakeun ngomong
من كثر كلامه كثر كذبه ومن كثر كذبه كثرت ذنوبه فالنار اولى به
❝ Man katsuro kalaamuhu katsuro kadzibuhu, wa man katsuro kadzibuhu katsurot dzunuubuhu wa man katsurot dzunuubuhu fan naar awlaa bihi. ❞
[Saha-saha anu ngalobakeun ngomong tangtu rea nyalahannana / bohongna jeung kalepasannana, saha-saha anu loba salahna loba dosana, saha-saha anu loba dosana tangtu papanggih jeung seuneu naraka ./ orang yg banyak bicara akan banyak kebohongannya.Orang yg banyak bohong akan banyak dosanya. Dan orang yg banyak dosanya lebih pantas di Neraka].
Man Samata Naja ( مَنْ صَمَتَ ) saha-saha anu loba cangkem, tangtu salamet tina pancabaya lisan.
Ari pancabaya lisan teh nu kasebut dina hadist aya 20.
- Carita nu teu mangfaat dunya acherat
- Ngomong leuwih tina ukuran, nyaeta matak kalepasan, matak jadi fitnah kana diri.
- Campur mulut ka anu nyarita, tur eta caritaan atawa omongan matak ngabatalkeun kana iman.
- Padu
- Pasea
- Ngalelewa, heureuy, ocon & ngageuhgeuykeun
- Ngambek atawa nyarekan
- Ngala’nat
- Nembang, nyanyi, kakawihan anu matak poho ka Alloh jeung ngageuing nafsu
- Guyon
- Ngahina, moyok & Nyeungseurikeun
- Nyaritakeun rusiah batur
- Jangji cidra
- Sumpah bohong
- Ngahina kana haq, tegesna kana Qur’an
- Ngadu-ngadu jeung jijieunan
- Ngolo-ngolo atawa olo-olo (luncat mulang)
- Muji hareupeun, nyacad tukangeun
- Nyumputkeun haq hal ilmu ka Alloh-an
- Nanya ka jalma bodo hal ka Alloh-an
3. Ghadab
Hartina Ghadab itu gede ambek, timbulna ghadab dina ujub & takabur. Pagawean jalma nu ngumbar nafsuna , sa enya-enyana eta pagawean kasar jeung hina pisan, sabab pagawean nu dirina kawengkon ku setan. Kacida ngarusakna kana amal ibadah jeung saha-saha nu ngarasakeun ambek, moal bisa kaeunteupan sabar, sabab ambek mawa kana kamunafikan jeung kagorengan ka pada kaula sabab nyieun makruh, nyieun nyeri ka pada kaula, tur eta ambek euweuh pisan faedahna boh kanu ngambekna boh kanu diambekna.
4. Hasad
Hasad – hasud tegesna dengki (ngarasa teu resep kana nikmat nu di bikeun ku Alloh SWT ka batur atawa ngarepkeun leungitna nikmat Alloh SWT ti batur) eta haram jeung dosa gede.
"iyyakum wal hasada fainnal-hasada yak kulul hasanaati kamaa takkulunnaarul hathoba"(HR Abu Dawud)
Amal ibadah urang jadi lebu, lamun urang ngabogaan hasud ka pada kaula, timbulna dengki tina kamagungan, embung kalindih kaelehkeun ku batur jeung pagawean nu resep nyatu, resep mumusuhan tina sabab boga perwatekan goreng jeung nurut kana nafsuna.
Demi ubarna supaya leungit hasud, kudu ;
- Inget yen hasud teh matak mudarat kana agama sorangan, nyaeta matak beak sakabeh kahadean jeung matak meunang bebendon ti Alloh SWT
- Dunyana matak mudarat kana awak urang pribadi, sabab panas perbawa kana diri matak teu ngeunah sare teu ngeunah dahar ngurangan kana kani’matan, ngaleungitkeun kana panarima ka Alloh SWT, matak kuru, tur teu matak mudarat ka nu di hasudan, sabalikna acheratna mah matak jadi mangfa’at ka anu di hasudan, sabab kahadean nu hasud dipindahkeun ka nu di dengkian tea dina buku amalna.
5. Buhul Wahubbul Mali
Resep kana duit, tegesna cecel, koret. Eta satengah dosa gede ;
“Hati-hatilah kamu terhadap sifat bakhil, karena bakhil telah merusak orang-orang sebelum kalian. Mereka memutuskan silaturahmi, berbuat bakhil dan berbuat maksiat, semuanya disebabkan oleh penyakit bakhil ini” (Hadits riwayat Imam Ahmad).
إِيَّاكُمْ وَالشُّحَّ فَإِنَّمَا هَلَكَ مَنْ كَانَ قَبْلَكُمْ بِالشُّحِّ أَمَرَهُمْ بِالْبُخْلِ فَبَخِلُوا وَأَمَرَهُمْ بِالْقَطِيعَةِ فَقَطَعُوا وَأَمَرَهُمْ بِالْفُجُورِ فَفَجَرُوا (رواه الامام احمد)
Timbulna koret tina hawek, hayang seubeuh sorangan, tega ka batur, teuas hate teu mandang kana ganjaran acherat.
Koret teh dicegahna ku elmu kabatinan mah sarua bae jeung ngawur-ngawur rejeki dipake ngumbar nafsu sarta koret teh didunyana matak meunang cacad ti batur, acheratna matak meunang siksaan.
6. Hubbul Jahi
Hartina : Kamegahan, kamgungan, timbulna tina ngabogaan rasa yen dirina leuwih punjul, ngahijina jeung resep ngahina, jeung ngalindih ka batur, dina sagala rupa embung eleh tina ngarasa leuwih tea, bener aing hanteu deungeun.
Hubbul mal wal-jah……….
Resep kana duit jeung kamagungan nimbulkeun sifat munafik dina ati, ari hakekatna kamagungan nyaeta murka, tegesna ngamilik kana hate batur, saperti hayang dipuji ku sakabeh jalma jeung rasa dipikabutuh ku batur, embung di cawad jeung embung hahadean jeung batur.
7. Hubbud Dunya
Resep teuing kana dunya, ieu persipatan hiji bibit kana sagala kagorengan dohir batin.
Ari hartina dunya, sagala perkara, sagala kalakuan anu hanteu aya mangfaatna sabada paeh, jeung hartina hubbud dunya ngumpulkeun harta banda nambahan raja kaya kaleuleuwihi, leuwih tina sakadar kaperluan dirina jeung anak rabina.
Dunya ieu teh saperti tulang, ari nu beuki kana tulang teh anjig. Timbulna hubbud dunya asalna tina hawek jeung deui tina sangeuk ngareakeun amal ibadah lantaran poho kana paeh.
Parbawa matak euweuh kaseubeuhan, sagala rochmat hanteu jadi ni’mat, matak ngagedekeun aral jeung matak hanteu papanggih jeung ni’mat acherat.
8. Kibir
Hartina Gumeden, takabur boga rasa ngabogaan harkat leuwih luhur ti batur dina sagala urusan.
Laa yadkhululjannata man kaana fi qalbihi mitsqalu habbatin min khardalin minkibrin
Moal asup ka sawarga jalma anu dina hatena ngabogaan satimbang biji (sawi) sifat sombong (H.R Imam Muslim).
Rasulullah ngandika, “Dianggap takabur teh nyaeta anu bener jeung nganggap hina ka pada kaula”. (HR. Muslim).
Timbulna katakaburan tina boga pangrasa leuwih mulya ti batur, rasa punjul sorangan dina sagala perkara.
Ari nu sok jadi sabab katakanuran aya 5 perkara ;
Moal asup ka sawarga jalma anu dina hatena ngabogaan satimbang biji (sawi) sifat sombong (H.R Imam Muslim).
Rasulullah ngandika, “Dianggap takabur teh nyaeta anu bener jeung nganggap hina ka pada kaula”. (HR. Muslim).
Timbulna katakaburan tina boga pangrasa leuwih mulya ti batur, rasa punjul sorangan dina sagala perkara.
Ari nu sok jadi sabab katakanuran aya 5 perkara ;
- Ngabogaan elmu
- Ka-apikan
- Turunan
- Rea duit (Harta)
- Hade rupa
Akibat tina Sifat Takabur
Sifat Takabur nu dilarang ku Alloh SWT ninggang akibatna ka jalmana saperti :
1. Di bendu ku Alloh SWT
Kutipan dari Al-Quran: Al-A'Nahl (16:23)
La jarama anna Allaha yaAAlamu ma yusirroona wama yuAAlinoona innahu la yuhibbu almustakbireena
Tidak diragukan lagi bahwa Allah mengetahui apa yang mereka rahasiakan dan apa yang mereka lahirkan. Sesungguhnya Dia tidak menyukai orang yang sombong.
لَا جَرَمَ أَنَّ اللَّهَ يَعْلَمُ مَا يُسِرُّونَ وَمَا يُعْلِنُونَ ۚ إِنَّهُ لَا يُحِبُّ الْمُسْتَكْبِرِينَ
La jarama anna Allaha yaAAlamu ma yusirroona wama yuAAlinoona innahu la yuhibbu almustakbireena
Tidak diragukan lagi bahwa Allah mengetahui apa yang mereka rahasiakan dan apa yang mereka lahirkan. Sesungguhnya Dia tidak menyukai orang yang sombong.
2. Kahalangan keur meunangkeun Kebeneran Ayat-Ayat Alloh
Kutipan dari Al-Quran: Al-A'raaf (7:146)
سَأَصْرِفُ عَنْ آيَاتِيَ الَّذِينَ يَتَكَبَّرُونَ فِي الْأَرْضِ بِغَيْرِ الْحَقِّ وَإِنْ يَرَوْا كُلَّ آيَةٍ لَا يُؤْمِنُوا بِهَا وَإِنْ يَرَوْا سَبِيلَ الرُّشْدِ لَا يَتَّخِذُوهُ سَبِيلًا وَإِنْ يَرَوْا سَبِيلَ الْغَيِّ يَتَّخِذُوهُ سَبِيلًا ۚ ذَٰلِكَ بِأَنَّهُمْ كَذَّبُوا بِآيَاتِنَا وَكَانُوا عَنْهَا غَافِلِينَ
Saasrifu AAan ayatiya allatheena yatakabbaroona fee alardi bighayri alhaqqi wain yaraw kulla ayatin la yuminoo biha wain yaraw sabeela alrrushdi la yattakhithoohu sabeelan wain yaraw sabeela alghayyi yattakhithoohu sabeelan thalika biannahum kaththaboo biayatina wakanoo AAanha ghafileena
Akan Aku palingkan dari tanda-tanda (kekuasaan-Ku) orang-orang yang menyombongkan diri di bumi tanpa alasan yang benar. Kalaupun mereka melihat setiap tanda (kekuasaan-Ku) mereka tetap tidak akan beriman kepadanya. Dan jika mereka melihat jalan yang membawa kepada petunjuk, mereka tidak (akan) menempuhnya, tetapi jika mereka melihat jalan kesesatan, mereka menempuhnya. Yang demikian adalah karena mereka mendustakan ayat-ayat Kami dan mereka selalu lengah terhadapnya.
Saha-saha jalma nu sombong/takabur bakal kahalangan tina kabeneran ayat-ayat Alloh SWT. Hal ieu disababkeun maranehna katutup ku sifat kasombongan nu ngarasa dirina bener, kawasa atawa leuwih ti nu lain.
9. Ujub
Rasulullah saw. bersabda :
قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ :
ثَلاثٌ مُهْلِكَاتٌ شُحٌّ مُطَاعٌ ، وَهَوًى مُتَّبَعٌ ، وَإِعْجَابُ الْمَرْءِ بنفْسِهِ
Hartina aya 3 perkara anu matak ngaruksak kana kamanusaan, tegesna kainsanan :
- Kumed (Medit)
- Nurutkeun hawa nafsu
- Ujub
Timbulna ujub tina boga pangrasa dirina sampurna sarta angkeuhanana eta sipat kamanusaan bijil tina awakna sorangan jeung hanteu syukuran ka Alloh SWT. Jadi datangna ujub teh tina bodo deui bae jeung poho kanu ngayuga, cacak lamun inget mah moal bisa UJUB.
Memang nu 3 perkara teh sifatna Batiniah, lantaran nu 3 perkara ayana dina jero hate jadi sifatna pribadi jeung rusiah pisan, tapi lamun diantepkeu nu 3 perkara tadi nu batiniah jeung rusiah bakal ngaruksak kana lahir jeung sosialna.
10. Ria Wasum’ah
عَنْ مَحْمُودِ بْنِ لَبِيدٍ أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- قَالَ «
إِنَّ أَخْوَفَ مَا أَخَافُ عَلَيْكُمُ الشِّرْكُ الأَصْغَرُ ». قَالُوا وَمَا الشِّرْكُ الأَصْغَرُ يَا رَسُولَ
اللَّهِ قَالَ «
الرِّيَاءُ يَقُولُ اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ لَهُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ إِذَا جُزِىَ النَّاسُ بِأَعْمَالِهِمْ اذْهَبُوا إِلَى
الَّذِينَ كُنْتُمْ تُرَاءُونَ فِى الدُّنْيَا فَانْظُرُوا هَلْ تَجِدُونَ عِنْدَهُمْ جَزَاءً »
إِنَّ أَخْوَفَ مَا أَخَافُ عَلَيْكُمُ الشِّرْكُ الأَصْغَرُ ». قَالُوا وَمَا الشِّرْكُ الأَصْغَرُ يَا رَسُولَ
اللَّهِ قَالَ «
الرِّيَاءُ يَقُولُ اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ لَهُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ إِذَا جُزِىَ النَّاسُ بِأَعْمَالِهِمْ اذْهَبُوا إِلَى
الَّذِينَ كُنْتُمْ تُرَاءُونَ فِى الدُّنْيَا فَانْظُرُوا هَلْ تَجِدُونَ عِنْدَهُمْ جَزَاءً »
Dari Mahmud bin Labid, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam bersabda, “Sesungguhnya yang paling kukhawatirkan akan menimpa kalian adalah syirik ashgor.” Para sahabat bertanya, “Apa itu syirik ashgor, wahai Rasulullah?” Beliau bersabda, “(Syirik ashgor adalah) riya’. Allah Ta’ala berkata pada mereka yang berbuat riya’ pada hari kiamat ketika manusia mendapat balasan atas amalan mereka: ‘Pergilah kalian pada orang yang kalian tujukan perbuatan riya’ di dunia. Lalu lihatlah apakah kalian mendapatkan balasan dari mereka?’ (HR. Ahmad 5: 429. Syaikh Syu’aib Al Arnauth mengatakan bahwa sanad hadits ini shahih).
Hartina Riya, nyaeta ngalap kana pangalem manusa hayang di pikalucu hayang di pikaera, di pika asih, di pika sieun, hayang di agungkeun, atawa amal ibadah ngarah pamuji jeung hayang katenjo ku pada jalma.
Ari nu jadi poko kana Riya nyaeta resep kana dunya, ngarah paedah dunya hanteu ngarah paedah acherat.
BAB IBADAH HATE
Sakumaha nu kaunggel dina kitab kitab al-Arbain fi Ushuluddin karangan Imam al-Ghazali.
1. Tobat
Pangandika Alloh SWT : Tubu ilallah jami'an, hartina kudu tobat maraneh ka kami, nyaeta nobatan sakabeh dosa, jeung dawuhan kangjeng nabi Muhamad SAW ; Attahibuna habibulahi watta'ibu minaddanbi kaman ladanbalhu , hartina Jalma tobat eta kakasih Alloh jeung ari nu tobat tina dosa eta bersihna sarua jeung anu euweuh dosa.
Ari hartina tobat nyaeta ; balik deui ka Alloh SWT, tegesna madep ka Alloh, miceun jalan anu matak ngajauhkeun ka Alloh nyaeta jalan kamasyiatan, nyokot jalan nu matak ngadeukeutkeun ka Alloh nyaeta jalan To'atillah.
Pangandika Alloh SWT : Tubu ilallah jami'an, hartina kudu tobat maraneh ka kami, nyaeta nobatan sakabeh dosa, jeung dawuhan kangjeng nabi Muhamad SAW ; Attahibuna habibulahi watta'ibu minaddanbi kaman ladanbalhu , hartina Jalma tobat eta kakasih Alloh jeung ari nu tobat tina dosa eta bersihna sarua jeung anu euweuh dosa.
Ari hartina tobat nyaeta ; balik deui ka Alloh SWT, tegesna madep ka Alloh, miceun jalan anu matak ngajauhkeun ka Alloh nyaeta jalan kamasyiatan, nyokot jalan nu matak ngadeukeutkeun ka Alloh nyaeta jalan To'atillah.
2. Hoap jeung Roja
3. Juhud
4. Sabar
aabcdef